Senin, 23 Maret 2015

ULANGAN TENGAH SEMESTER GENAP
TAHUN PELAJARAN 2014-2015

TEMA                                     : VI / VII
KELAS                                   : V (Lima)
HARI / TANGGAL                 :
NAMA                                    :
WAKTU                                 :
NILAI AKHIR                       :
MATA PELAJARAN             : SBdP

Jawablah pertanyaan-pertanyaan di bawah ini !
1.      Sebutkan dua lagu daerah dan asalnya yang kamu ketahui ?
2.      Apa saja yang menjadi kesulitanmu saat menyanyikan lagu daerah ?
3.      Tuliskanlah salah satu syair lagu yang kamu pilih tersebut ?
4.      Manfaat pohon kelapa sangat banyak, dari mulai akar sampai pucuk daunnya. Demikian juga dengan pohon pisang.
Tuliskan kembali manfaat bagian pohon pisang dari mulai daun, pelepah dan batang ?
5.      Sebutkan satu judul lagu wajib yang berhubungan dengan satu kesatuan di wilayah Nusantara ?
6.      Pada masa kerajaan-kerajaan islam motif hias banyak di pengaruhi motif hias masa kerajaan Hindu-Budha.
Sebutkan satu yang kamu ketahui ?
7.      Rumah adat manakah bangunan atapnya yang berbentuk Joglo ?
8.      Dimanakah kamu bisa menemukan tulisan kaligrafi pada masjid ?
9.      Kupu-kupu adalah hewan yang sangat cantik, walaupun asalnya dari seekor ulat.
Tuliskanlah syair lagu dari kupu-kupu ?
10.  Sebutkan 2 jenis wayang ?



ULANGAN TENGAH SEMESTER GENAP
TAHUN PELAJARAN 2014-2015

TEMA                                     : VI / VII
KELAS                                   : V (Lima)
HARI / TANGGAL                 :
NAMA                                    :
WAKTU                                 :
NILAI AKHIR                       :
MATA PELAJARAN             : B.SUNDA

Wawancara Jeung Kang Oya
Poe Ahad Nunung jeung Wulan ngahaja ka Tamansari rek ngawawancara kusir delman. Ari kusir delman the ngarana Kang Oya. Nunung jeung Wulan nyampeurkeun ka Kang Oya.
Kang Oya        : “Bade tumpak delman, Neng ?”
Nunung           : “Urang tumpak, yu, Lan !”
Wulan              : “Apan bade ngawawancara.”
Nunung           : “Muhun ngawawancarana bari tumpak delman. Bade ?”
Wulan              : “Yu, atuh !”
Kang Oya        : “Bade diborong atanapi ngantosan pinuh bae ?”
Nunung           : “Upami diborong sabaraha, Kang ?”
Kang Oya        : “Wios lah, sapuluh rebu.”
Wulan              : “Saputeran eta teh, Kang ?”
Kang Oya        : “Muhun.”
Nunung           : “Mending ngantosan pinuh nya, Lan ?”
Wulan              : “Unggeuk.”
Kang Oya        : “Kitu sae atuh. Ke antosan nya, aya duaan deui we urang maju.”
Nunung           : “Seueur Kang anu tumpak delman ?”
Kang Oya        : “Rada sepi ayeuna mah, Neng, henteu sapertos nuju liburan.”
Wulan              : “Upami liburan mah sok seueur, nya ?”
Kang Oya        : “Muhun, tapi delmanna oge sok seueur deuih. Tapi angger we sok aya
 langkungna ti dinten-dinten biasa.”
Nunung           : “Unggal dinten, Kang, narik delman di dieu ?”
Kang Oya        : “Tara unggal dinten Akang mah. Mung dinten Minggu wungkul. Tuh, upami
 Mang Uju sok unggal dinten nambangan di dieuna the. Upami liburan, tah
 nembe Akang oge sok unggal dinten.”
Wulan              : “Upami dinten-dinten biasa sok nambangan di mana, Kang ?”
Kang Oya        : “Di ditu we Neng, di lembur.”
Nunung           : “Dimana, Kang ?”
Kang Oya        : “Di Soreang.”
Wulan              : “Oh, Akang the urang Soreang ?”
Kang Oya        : “Muhun.”
Nunung           : “Ari kuduna sami deuih ti ditu ?”
Kang Oya        : “Sanes, kuduna mah nu urang Bandung, delmanna oge anu anjeunna. Akang
 mah mung ukur ngusiran.”
Nunung           : “Ari nu di Soreang ku saha atuh dikusiranana ?”
Kang Oya        : “Aya Ubed, adi Akang.”
Wulan              : “Naha atuh delmanna teu dicandak ka dieu ?”
Kang Oya        : “Di dieu mah delmanna kedah sae sareng bareresih, benten sareng nu di Soreang
 mah atuh. Apan di dieu mah husus kanggo nu pelesir. Malih nu itu mah, tuh,
 kikipingna oge opat, sapertos andong.”
Wulan              : “Andong teh naon, Kang ?”
Kang Oya        : “Sapertos delman we, mung kikipingna opat. Andong mah asalna ti Yogya.
 Seueur cenah di ditu mah andong the.”
Nunung           : “Ke, dupi jenengan the saha ?”
Kang Oya        : “Nami mah Sukarya, mung sok disebut Oya bae.”
Wulan              : “Yuswa ?”
Kang Oya        : “Yuswa mah 35 taun. Naha make naros kitu, Neng ?”
Nunung           : “Abdi the aya pancen kedah ngawawancara kusir delman anus ok nambangan
 di Tamansari.”
Kang Oya        : “Oh, kitu. Sok atuh bade naroskeun naon deui ?”
Nunung           : “Sok atuh Wulan, bade naroskeun naon ?”
Wulan              : “Naroskeun naon, nya ?”
Kang Oya        : “Ke atuh bari jalan urang teraskeun ngobrolna. Di payun atuh Neng calikna,
 bilih bade ngusiran !”
Nunung           : “Hoyong, ih. Moal ngadat kuduna kitu ?”
Kang Oya        : “Moal atuh, ke ku Kang Oya dipapatahan cara-carana.”
Nunung           : “Wulan bade ngusiran ?”
Wulan              : “Moal ah, sieun !”

Sanggeus ngaregepkeun wawancara anu dipolahkeun ku babaturan hidep, pek ayeuna jawab pananya di handap !
1.      Saha narasumber dina wawancara di luhur ?
2.      Urang mana kusir delman teh ?
3.      Sabaraha taun umurna ?
4.      Naha sok unggal poe nambanganana di Tamansarina teh ?
5.      Iraha ramena anu tumpak delman di Tamansari teh ?
6.      Naon sababna delmanna kudu alus jeung bareresih ?
7.      Dimana anu loba andong teh ?
8.      Cing jentrekeun bedana delman jeung andong ?
9.      Aya sabaraha urang nu di percakapan eta ?

10.  Poe naon Nunung jeung Wulan ke Tamansari ?

Tidak ada komentar:

Posting Komentar